110 Tahun Berkilau: Harmoni Kebudayaan Sunda di Rapat Paripurna DPRD Kota Sukabumi

Foto: Dokpim.

Matanusa, Sukabumi – Salah sahiji calagara anu biasa dilakokan ku Pamaréntah Kota Sukabumi dina raraga miéling milangkana Kota Sukabumi nyaéta ku ngayakeun rapat paripurna DPRD Kota Sukabumi dina tiap tanggal 1 April.

Dina miéling milangkala anu ka-110 Kota Sukabumi, paripurna taun ieu bisa disebut béda jeung taun-taun saméméhna. Duméh dina milangkala kota taun ieu mah diluuhan langsung ku Penjabat Gubernur Jawa Barat, Bey Triadi Machmudin, pada Senin (01/03).

Disebut béda ogé nalika dina rapat paripurna, kecap pangbagéa jeung biantara para pajabat ngagunakeun Basa Sunda. Sebut baé Pj. Gubernur Jawa Barat, Pj. Wali Kota Sukabumi, Kusmana Hartadji, biantara ku ngagunakeun Basa Sunda. Malah, sajarah singket ngeunaan Kota Sukabumi ogé dibacakeun ku Sekrétaris Daérah Kota Sukabumi, Dida Sembada dina wangun Basa Sunda.

Rapat Paripurna Miéling “Hari Jadi” anu ka-110 Kota Sukabumi diluuhan ku sakumna élémén, di antarana; Forkopimda, para inohong kota, para nonoman, organisasi masyarakat, jeung réa-réana deui. Hal ieu nuduhkeun sakumaha anu mindeng dikamandangkeun ku Penjabat Wali Kota Sukabumi ngeunaan kolaborasi jeung sauyunan.

Pos terkait