Matanusa, Sukabumi — H. Ayep Zaki jeung Bobby Maulana resmi diistrénan jadi Wali Kota jeung Wakil Wali Kota Sukabumi periode 2025-2030 ku Présidén Prabowo Subianto di Istana Kepresidenan, Kemis, 20 Fébruari 2025. Pelantikan ieu mangrupa bagian tina calagara nasional nu ngistrénan 481 pupuhu provinsi, kota, jeung kabupatén sa-Indonesia.
Tatahar Saméméh Pelantikan
Saméméh diistrénan, H. Ayep Zaki ngajéntrékeun prosés persiapan nu dilakonan, kaasup gladi kotor jeung gladi bersih, ogé tés kasehatan pikeun anjeunna jeung Bobby Maulana. Dina isuk-isuk pelantikan, duanana kudu hadir di Monumen Nasional (Monas) jam 06.00 WIB pikeun prosési khusus saméméh ka Istana Keprésidénan.
“Henteu aya tatahar khusus, mung aya rasa bingah sareng bagja. Ieu mangrupa puncak tina lalakon panjang Pilkada 2024. Saatos pelantikan, abdi sareng Kang Bobby badé langsung ka Kota Sukabumi pikeun sérén-sumérén kalungguhan ti Pj Wali Kota Sukabumi, teras ngaluuhan Rapat Paripurna di DPRD pikeun biantara munggaran,” saur H. Ayep Zaki.
Dina kasempetan éta, anjeunna nyuprih dunga sareng pangrojong ti masyarakat Kota Sukabumi. “Mugia urang sadayana dipaparinan kaberkahan pikeun ngawangun Kota Sukabumi anu langkung saé—tegesna Kota Sukabumi anu sejahtera,” pokna.
Mimiti Ti ‘100 Hari Kerja’
Réngsé diistrénan, H. Ayep Zaki langsung netepkeun sababaraha prioritas pikeun ‘100 Hari Kerja’ dina mingpin Kota Sukabumi, di antarana nyaéta nyumponan sahenteuna 11 janji politikna. Salah sahiji fokus utamana nyaéta nguatkeun sistem fiskal daérah, kaasup pendapatan asli daérah (PAD), ogé ngokolakeun Badan Layanan Umum Daérah (BLUD) jeung Badan Usaha Milik Daérah (BUMD).
“Sadayana baris dibebenah, diséhatkeun, dikiatkeun, sareng dironjatkeun. Konci kasuksésan ngawangun daérah nyaéta kedah gaduh pamaréntahan anu séhat, kiat, sareng mibanda asét anu ageung,” saur H. Ayep Zaki.
Pentingna Éfisiénsi jeung Éféktivitas Pamaréntahan
Salaku pamingpin anyar, H. Ayep Zaki negeskeun pentingna éfisiénsi jeung éféktivitas dina pamaréntahan. Unggal SKPD diwajibkeun ngagunakeun anggaran kalayan bijaksana, kalayan fokus kana hasil nu nyata.
“Abdi mah moal ngahapus anggaran, mung kedah cocog sareng pangabutuh. Sadayana kawijakan sareng léngkah anu baris dilakonan bakal dipuseurkeun pikeun kapentingan masyarakat Kota Sukabumi,” pokna deui.
Kalayan tékad anu kuat, kapamingpinan H. Ayep Zaki sareng Bobby Maulana diharepkeun sanggup nyanghareupan sagala tantangan pikeun ngadukung kahirupan masyarakat Kota Sukabumi nu langkung sejahtera.